Gusti urang sarerea
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab qurasy nya bangsana
Ramana Gusti Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekkah
Wengi senen taun gajah
Rabiul Awwal bulanna
Tanggal kadua belasna
April bulan Masehina
Tanggal ka dua puluhna
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna
Sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
Waktos babarna ka catur
Ningal cahya meni ngempur
Dibumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
sarta harum sesengitan
Medal Nabi ahir jaman
Pirang - pirang ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada karuksakan
Nabi yuswa lima bulan
Geus tiasa angkat – angkatan
Yuswana salapan bulan
Ges capetang sasauran
Yuswana sapuluh bulan
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan
Parangina Kanjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
Shabar ya’ah ka sasami
Ker opat taun yuswana
Dibersihan manahna
Nabi dibelah dadana
Malaikat numelahna
Jibril kadua rencangna
Mikail jeunengan nana
Ngesikeun kana manahna
Ilmu hikmah sapinuhna
Tuluy dada Kanjeung Nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dicap ku Khotamin Nabi
Harita Nabi ayana
Dilembur ibu inangna
Halimah jenengan nana
Sa’diyah ngaran lemburna
Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun
Dua sasih kaunggelkeun
Ker lima taun yuswana
Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy di rawat eyangna
Abdul Mutholib asmana
Kersana Robbul Alamin
Kanjeung Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin
Eyangna mulih kabatin
inget pas waktu diniyah
BalasHapus